اَلْحَمْدُ ِللهِ الْمَلِكِ الْحَقِّ الْمُبِيْنِ، الَّذِي حَبَانَا بِالْإِيْمَانِ واليقينِ. اَاَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ كَانَ بِعِبَادِهِ خَبِيْرًا بَصِيْرًا، تَبَارَكَ الَّذِيْ جَعَلَ فِي السَّمَاءِ بُرُوْجًا
وَجَعَلَ فِيْهَا سِرَاجًا وَقَمَرًا مُنِيْرًا. أَشْهَدُ اَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وأََشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وُرَسُولُهُ الَّذِيْ بَعَثَهُ بِالْحَقِّ بَشِيْرًا وَنَذِيْرًا، وَدَاعِيَا إِلَى الْحَقِّ بِإِذْنِهِ وَسِرَاجًا مُنِيْرًا. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَيْهِ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا.
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ
يَا أَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوا رَبَّكُمُ الَّذِي خَلَقَكُمْ مِنْ نَفْسٍ وَاحِدَةٍ وَخَلَقَ مِنْهَا زَوْجَهَا وَبَثَّ مِنْهُمَا رِجَالًا كَثِيرًا وَنِسَاءً وَاتَّقُوا اللَّهَ الَّذِي تَسَاءَلُونَ بِهِ وَالْأَرْحَامَ إِنَّ اللَّهَ كَانَ عَلَيْكُمْ رَقِيبًا
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ وَقُولُوا قَوْلًا سَدِيدًا
يُصْلِحْ لَكُمْ أَعْمَالَكُمْ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوبَكُمْ وَمَنْ يُطِعِ اللَّهَ وَرَسُولَهُ فَقَدْ فَازَ فَوْزًا عَظِيمًا أَمَّا بَعْدُأَمَّا بَعْدُ؛
langkung tipayun anu ku urang sadayana kedah di payunkeun nyaeta urang sasarengan muji syukur ka hadirat alloh nu maha ghofur nu maha suci tur nu wajib ku urang di pinuji nu mana mantena parantos masihan ka urang sadayana mangrebu rebu kanikmatan di antawisna nikmat iaman sareng ikhsan tur islamna sareng kanikmatan nu ku urang sok di popohokeun nyaeta kanikmatan kasehatan tur kasempetan nu mana dina dinten jumat ieu urang tiasa nglakasanakeun mangruppi ibadah nu wajib ku urang di lakukeun nyaeta ibadah jumat numana ibadah jumat ieu seeur pisan ka langkungannana di antawisna sakumaha pidawuh rosululloh saw nu katampi ti abu huroiroh dina dintenanjumat teh aya waktos waktos nu mustajab kangge doa hamba alloh nnu dimana mana ssalasaurang ti manusa solat sareng ngdoa dina waktos harita tangtu ku alloh bakal di ijabah sagala doana tapi waktos nu aya nyaeta nngan sauukur sakedik rosululloh saw ngagambarkeun wwaktosna ku pananganna sareng nu sejena nyaeta ka utamian dinten jumat teh nyaeta dimana urang sedekah maka sedekah eta langkung utami tina dinten dinten nu sejena sami sareng urang mun sedekah dina sasih ramadhan maka sedekah eta langkung utami ti batan sasih sasih nu sejen sareng seeur pisan kautamian dintenan jumat teh atuh kukituna naon deui anu ku urang kedah di elak deui kanikmatan ti alloh swt urang tepang dinen jumat ge tos mang rebu rebu kanikmatan nu ku urang katampi.
oge teu hilap solawat miwah salamna hayu wae urang curah limpahkeun ka nabi urang sadayana nabi akhir zaman nu masihan katerangan ka urang sadayana supados urang sadayana hirup di dunia ieu teu ka poekan tapi kacaangan jadi tuntunan dina jalan anu janten harapan nyaeta tayalian kanjeung nabi muhamad saw oge teu hilap ka kulawargina nu di pikacinta sareng para sahabatna anu satia ngjauhan jalan sesat sareng ka tabiin tabiitna nu neeraskeun perjuanganna tur dugi ka urang sadayana nu mudah mudahan aya dina jalan nu di candak ku mantena sareng urang tyasa nga istiqomahan sagala rupi pituduhna nu taya lain nyaeta agama islam.
sareng simkuring salaku khotib teu hilap umajak supados bbijak ngemutan supados janten katetepan nyaeta hayu urang sami sami ningkatkeun katawaan tur kaimanan urang sadayana ka khadirat alloh swt ku cara urang ngalaksanakeun naon naon sagalarupi anu di parentahkeun ku alloh swt sareng ngjauhi sagala rupi kamaksiatan saren urang tiasa ngajaga perkataan atanapi lisan urang sadayana sabab ku ngajagi eta urang tyasa kengen pangapunten sareng amalan amalan urang bakal di jantenken panyakamet kangge urang di akhirat sakumaha pidawuh alloh s w t dina al quran surat al ahzab ayat 70-71
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ وَقُولُوا قَوْلًا سَدِيدًا
يُصْلِحْ لَكُمْ أَعْمَالَكُمْ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوبَكُمْ ۗ وَمَن يُطِعِ اللَّهَ وَرَسُولَهُ فَقَدْ فَازَ فَوْزًا عَظِيمًا
hadirin sidang jumat rohimakumulloh dina ngajalani hirup ieu urang sadayana tangtu parantos uning naon bae sagala rupi parentahan alloh swt sabab ku nyepeng agamana ge uarng parantos terang naon larangan sareng parentahan ti alloh swt sabab dina langka utamina ge urang parantos nyepeng nu namina iman numana iman teh nyeta ngsyskinkeun ku hate ngaikrarkeun ku lisan sareng ngmalkeun ku anggota badan sareng nu namina iman tiasa nambihan ku cara urang taat ka alloh swt sareng ngirangan ku ngalaksanakeun ka maksiatan kamaksiata
Tapi perlu ku urang sadayana di uninga nnu sagala laku lampah urang khususna dina ibadah eta sadaya na ttyasa di tampi ku alloh swt sabab aya nu namina sipat ikhlas urang dina sagala pidameuleun atanapi peribadahan urang sadaya urang sering ngalaksanakeun solat berjaah tapi aya maksud sareng tujuan tertentu nha bakal ibadah urang nu eta ku alloh di tampi urang nglaksanakeun puasa tapi puasa eta sanes niat karna urang ngalaksanakeun parentah alloh tapi karna hal hal nu pimusrikeun atuuuh tos jelas nu kararitu mah sanes alloh hoyong masihan pahala tapi malah mibendu ka anjeuna tapi nha urang terang naon eta nu di sebat ikhlas nha urang tos ngagaduhan sikap eta atanapi urang teu ngusahakeun kangge terang sareng ngamilik sikap eta ???
hadirin sidan jumat rohimakumulloh
kecap ikhlas nyandak tina bahasa arab الإخلاص anu hartosna bersih atanapi teu aya kokotor anu maksadna urang nglaksanakeun sagala rupi anu di parentah ku alloh kalayan bersih niat urang lurus karna sumerah ka mantena karna ibadah tur urangge nyembah alloh swt teh di parentah kalayan ku kaihlasan sakumaha pidawu alloh swt dina surah az zumar ayat 2-3
فَاعْبُدِ اللَّهَ مُخْلِصًا لَهُ الدِّينَ (2) أَلا لِلَّهِ الدِّينُ الْخَالِصُ وَالَّذِينَ اتَّخَذُوا مِنْ دُونِهِ أَوْلِيَاءَ مَا نَعْبُدُهُمْ إِلا لِيُقَرِّبُونَا إِلَى اللَّهِ زُلْفَى إِنَّ اللَّهَ يَحْكُمُ بَيْنَهُمْ فِي مَا هُمْ فِيهِ يَخْتَلِفُونَ إِنَّ اللَّهَ لا يَهْدِي مَنْ هُوَ كَاذِبٌ كَفَّارٌ (3
nya prak nyembah anjeun ka alloh kalayan murni kana kata'atannana (2) inget kagungan alloh agama anu bersih sareng murni sareng jalmi anu ngajantenkeun tina salianna anu sarae. teu nyembah urang sadaya ka maranehna kajaba supaya nyaketkeun urang sadayana ka alloh swt anu sa caket caketna. saestuna alloh anu ngahukuman di antara maranehna dina anu maranehna didinya perpecahan maranehna saestuna alloh teu nuduhkeun mantena ka jalmi anu tukang bohong anu tukang ingkar
nya prak nyembah anjeun ka alloh kalayan murni kana kata'atannana (2) inget kagungan alloh agama anu bersih sareng murni sareng jalmi anu ngajantenkeun tina salianna anu sarae. teu nyembah urang sadaya ka maranehna kajaba supaya nyaketkeun urang sadayana ka alloh swt anu sa caket caketna. saestuna alloh anu ngahukuman di antara maranehna dina anu maranehna didinya perpecahan maranehna saestuna alloh teu nuduhkeun mantena ka jalmi anu tukang bohong anu tukang ingkar
sareng di jelaskeun dina alquran surah al bayyinah ayat ka 5
sareng teu marentah kaula ka maranehna kajaba yen nyembah maranehna ka alloh swt kalayan panjeg ppikeun anjeuna agama anu leumpeng sareng ngradegkeun aranjeuna kana solat sareng malasrahkeun aranjeuna kana jakat sareng tuh itu teh agama anu panjeg
sareng upami urang ngagaduhan amalan amalan turtapi teu di barengan ku ka ikhlasan nyatana amalan urang jauh tinu namina di tampi ku alloh swt sakumaha cotoh contoh urang sadaya di antawisna
وَمَآ أُمِرُوٓا۟ إِلَّا لِيَعْبُدُوا۟ ٱللَّهَ مُخْلِصِينَ لَهُ ٱلدِّينَ حُنَفَآءَ وَيُقِيمُوا۟ ٱلصَّلَوٰةَ وَيُؤْتُوا۟ ٱلزَّكَوٰةَ ۚ وَذَٰلِكَ دِينُ ٱلْقَيِّمَةِ
sareng upami urang ngagaduhan amalan amalan turtapi teu di barengan ku ka ikhlasan nyatana amalan urang jauh tinu namina di tampi ku alloh swt sakumaha cotoh contoh urang sadaya di antawisna
- nyaeta dimana alloh swt manggil kanu para syuhada kangge lebet ka syurga teras aya hiji jalmi nu ngaku anjena teh syuhada tapi alloh nglarang anjeuna piikeun lebet ka syurga sabab nalika jumeneng di alam dunia anjeuna beerjuang perang jihad fi sabilillah sanes karna niat ibadah ngbela agama alloh atanapi teu di barengan ku ikhlas turtapi anjeuna perang hooyong ka tanggar hoyong di sebat jagoan pahlawan sarreng nu sejena.
- sareng nu sejena alloh manggil ka jalmi jalmi anu rajin sedekah tapi aya hiji jalmi anjeuna rajin sedekah tapi nalika alloh manggil pikeun lebet ka syurga anjeuna di larang sabab nalika anjeuna sedekah sanes ridho ikhlaas karna alloh swt turtapi anjeuna sedekah karna hoyong di anggap dermawan malahan ayeuna mah nu namina sedekah teh di mangpaat keun kangge pencoblosan sangkan anjeuna kengen kapilih janten pamimpin.
- sareng anu saterasna nyaeta jalmi anu mana anjeuna rajin neangan elmu di ajar kaditu kadieu rajin ibadah seeur baca alquran tapi nalika alloh manggil kangge lebet ka syurga anjena di larang sabab salami anjeuna ibadan milarian elmu sarreng nu sejena eta sanes leres niat karna nglaksanakeun parentah alloh janten anjeuna malah lebet ka naraka.
hadirin sidang jumat rohimakumulloh
sakumaha parantos di uninga nu namina ikhlas teh tyasa janten amalan urang di tampi sapertos dina alquran surah al mulk ayat 2
الَّذِي خَلَقَ الْمَوْتَ وَالْحَيَاةَ لِيَبْلُوَكُمْ أَيُّكُمْ أَحْسَنُ عَمَلًا وَهُوَ الْعَزِيزُ الْغَفُورُ
anu haartosna mantena teh anu parantos nyiptakeun anu maot sareng nu hirup pikeun nangtukeun di antara aranjeun anu pang saena amal sareng anjeunateh anu maha gagah nu maha hampura
sareng nu paling sae amalan teh nyaeta anu paling ikhlas dina ngalakonana sareng nu paling leres niatna atuh ku kituna laku lampah urang kedah di sarengan ku ka ikhlasan sangkan di tamppi ku alloh swt . tapi kumaha CARANA AMEH URANG SADAYANA TIASA IKHLAS dina ngalaksanakeun amalan amalan ???? di antawisna nyaeta :
- niatkeun lurus karna alloh swt teu aya sanes tujuan urang sadayana mung ka alloh wungkul
- secara dzohirna dina ibadah nyaeta nurutkeun kana aturan aturanna anu leres ( qaidah fiqhiyyah ) "man amila amalan laisa alaihi amruuna pahua roddun " : sing saha jalmi anu ngamalkeun hiji amalan sareng teu aya parentahan husus amalan eta maka amalan eta di tolak teras.
إِنَّ اللهَ طَيِّبٌ لاَ يَقْبَلُ الْعَمَلَ إِلاَّ طَيِّبًا
saestuna alloh teh sae sareng moal nampi kana amalan kajabi anu sae
لاَ يَقْبَلُ الْعَمَلَ إِلاَّ خَالِصًا صَوَابًا
moal nampi mantena hiji amalan kajabi ikhlas sareng leres (syareat islam)
sareng nu namina ikhlas teh aya 3 rupi di antawisna nyaeta :
- ikhlas awam nyaeta dina ibadah karna alloh sareng di landasi karna sieun ku siksana sareng ngaharep pahalana
- ikhlas khawas nyaeta dina ibadah ka alloh swt karna miharep janten jalmi anu caket sareng alloh swt sareng ngaharep dina kacaketanna sareng alloh ngengengkeun sesuatu
- ikhlas kkhawan al khawas nyaeta ibadah ka lloh swt karna kasadaran anu kuat sagalarupi ciptaan alloh sareng teu aya deui sembahan salianna
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ
الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمِ
نَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهْ وَنَعُوذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ. أَمَّا بَعْدُ؛ فَقَالَ اللَّهُ تَعَالَى
{ وَتَزَوَّدُوا فَإِنَّ خَيْرَ الزَّادِ التَّقْوَى وَ
أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ
اَللهُمّ صَلّ وَسَلّمْ عَلى مُحَمّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن
hadirin sidang jumat rohimakumulloh
menurut salasatu imam diindonesia nyaeta muhamad gatot aryo al husaeni kapastian hirup aya dina ka heunte pastianhamba alloh anu ikhlas
ikhlas nyaeta penomena anu aya dina kahirupan manusia karena ikhlas mampu ngajantenkeun kahirupan manusia anu menderita janten bahagia tur gumbira dina hirupna, ngajantenkeun manusia anu hirupna lemah teu walakaya tur rapuh janten kuat nandangan sagalarupi masalah, ngajantenkeun anu miskin janten beunghar sagala rupa harta, tahta,sareng nu sajabina, ikhlas janten jawaban tur solusi dina sagala permasalahan sareng cocobi, tur ikhlas oge mangrupikeun hiji anu ngbantos urang sadayana kangge ngengengkeun karidhoan alloh swt
عَنْ عُمَرَ بْنِ اْلخَطَّابِ رض. قَالَ: سَمِعْتُ رَسُوْلَ اللهِ ص يَقُوْلُ: اِنَّمَا اْلاَعْمَالُ بِالنّيَّاتِ وَ اِنَّمَا لِكُلّ امْرِئٍ مَّا نَوَى. فَمَنْ كَانَتْ هِجْرَتُهُ اِلَى اللهِ وَ رَسُوْلِهِ فَهِجْرَتُهُ اِلىَ اللهِ وَ رَسُوْلِهِ. وَ مَنْ كَانَتْ هِجْرَتُهُ اِلىَ دُنْيَا يُصِيْبُهَا اَوِ امْرَأَةٍ يَنْكِحُهَا فَهِجْرَتُهُ اِلىَ مَا هَاجَرَ اِلَيْهَا. البخارى و مـسلم
ka tampi ti umar bi khotob mugi mirido alloh tti anjeuna nyanggen anjeuna: parantos nguping kuring rosululloh saw dadawuh anjeuna : tayalian amalanteh kalayan niat sareng taya lian satiap perkara urusan kalayan anu parantos di niatan . sing saha nu buktos anjeuna hijrah karna alloh swt sareng rosulna nya hijrahna mung ka alloh sareng rosulna. sareng saha nu buktos hijrahna kalayan dunia tur ngauntungkeunana atawa kalayan istri anu dinikahan nya hijrahna kalayan anu hijrah manehna kana eta ( HR BUKHORI-MUSLIM )
عَنْ اَبِى هُرَيْرَةَ رض قَالَ: قَالَ رَسُوْلُ اللهِ ص : اِنَّ اللهَ لاَ يَنْظُرُ اِلىَ اَجْسَامِكُمْ وَلاَ اِلىَ صُوَرِكُمْ وَ لٰكِنْ يَنْظُرُ اِلىَ قُلُوْبِكُمْ. مسلم
katampi ti abu khuroiroh mugi mirido alloh ti anjeuna nyanggem anjeuna : parantos dadawuh rosululloh saw : saestuna alloh teu ninggal kana jasmani aranjeun sareng heunte kana ka saean raray aranjeun turtapi ninggal mantena kana hate hate aranjeun (HR MUSLIM )
hadirin sidang jumat rohimakumulloh
khutbah ti kawit dugi ka tungtung di cekapkeun sakitu mudah mudahan aya guna sinareng manfaatna khususna kangge diri khotib pribados umumna kangge urang sadayana anu ngahadiran dina ieu majlis sareng simkuring nyunkeun hapunten boh bilih aya kalepatan dina ucapan mangga urnag tutp wae sami sami ku doa
إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَا أَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا.
اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ، وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ، إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدّعَوَاتِ.
ka tampi ti umar bi khotob mugi mirido alloh tti anjeuna nyanggen anjeuna: parantos nguping kuring rosululloh saw dadawuh anjeuna : tayalian amalanteh kalayan niat sareng taya lian satiap perkara urusan kalayan anu parantos di niatan . sing saha nu buktos anjeuna hijrah karna alloh swt sareng rosulna nya hijrahna mung ka alloh sareng rosulna. sareng saha nu buktos hijrahna kalayan dunia tur ngauntungkeunana atawa kalayan istri anu dinikahan nya hijrahna kalayan anu hijrah manehna kana eta ( HR BUKHORI-MUSLIM )
عَنْ اَبِى هُرَيْرَةَ رض قَالَ: قَالَ رَسُوْلُ اللهِ ص : اِنَّ اللهَ لاَ يَنْظُرُ اِلىَ اَجْسَامِكُمْ وَلاَ اِلىَ صُوَرِكُمْ وَ لٰكِنْ يَنْظُرُ اِلىَ قُلُوْبِكُمْ. مسلم
katampi ti abu khuroiroh mugi mirido alloh ti anjeuna nyanggem anjeuna : parantos dadawuh rosululloh saw : saestuna alloh teu ninggal kana jasmani aranjeun sareng heunte kana ka saean raray aranjeun turtapi ninggal mantena kana hate hate aranjeun (HR MUSLIM )
hadirin sidang jumat rohimakumulloh
khutbah ti kawit dugi ka tungtung di cekapkeun sakitu mudah mudahan aya guna sinareng manfaatna khususna kangge diri khotib pribados umumna kangge urang sadayana anu ngahadiran dina ieu majlis sareng simkuring nyunkeun hapunten boh bilih aya kalepatan dina ucapan mangga urnag tutp wae sami sami ku doa
Tidak ada komentar:
Posting Komentar